Naon nu dimaksud purwakanti?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu dimaksud purwakanti nyaeta padeukeutna sora antar kecap atawa kekecapan nu aya dina hiji kalimah atawa antar kalimah nu aya dina hiji puisi. Perenahna purwakanti dina hiji puisi teh bisa ayana antar kecap nu aya dina hiji padalisan atawa antar padalisan puisi. Purwakanti antar kecap nu aya dina hiji padalisan puisi disebut purwakanti rantayan. Sedengkeun purwakanti antar kecap nu aya dina antar padalisan puisi disebut purwakanti runtuyan.
Pembahasan
Disebut purwakanti rantayan kusabab eta purwakanti teh ayana ngarantay atawa ngajajar dina hiji padalisan puisi. Disebut purwakanti runtuyan kusabab eta purwakanti teh ngaruntuy dina antar padalisan puisi. Salian ti purwakanti rantayan jeung purwakanti runtuyan aya oge purwakanti campuran. Antar kecap atawa kekecapan anu miboga purwakanti, eta kecap atawa kekecapan teh disebutna murwakanti.
Pelajari lebih lanjut
- Apa arti kata murwkanti https://brainly.co.id/tugas/1380195
- Contoh analisa purwakanti https://brainly.co.id/tugas/6725899
- Perbedaan purwakanti rantayan dan purwakanti runtuyan, bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/16638924
__________
Detil Jawaban
Kelas : XI
Mapel : Bahasa Sunda - Sajak
Bab : 2
Kode : 11.13.2
Kata Kunci : Nu dimaksud purwakanti