B. Daerah

Pertanyaan

Patempatan teh nyaeta

1 Jawaban

  • Patempatan nyaeta area, lokasi atawa posisi geografis nu aya di muka dunya ieu. Dina basa Sunda aya sawatara ngaran  patempatan. Pikeun urang Sunda atawa pikeun jalma nu nyarita make basa Sunda perlu mikawanoh kana ngaran-ngaran patempatan nu aya dina basa Sunda. Dina obrolan sapopoe basa Sunda, kusabab teu mikawanoh kana ngaran patempatan dina basa Sunda, akhirna sering ngagunakeun kecap injeman ngaran paempatan nu asalna tina basa Indonesia.

    Pembahasan

    Pikeun mikawanoh ngaran ngaran patempatan nu aya dina basa Sunda, di handap ieu nyaeta conto sawatara ngaran patempatan nu aya di muka dunya dina basa Sunda:

    1. Bangawan nyaeta walungan anu kacida gedéna.
    2. Dayeuh nyaeta kota atawa ibukota nagara, propinsi atawa kabupatén.
    3. Empang nyaeta balong atawa kulah anu lega.
    4. Girang nyaeta tempat jol ngocorna cai, cai ngocorna ti girang ka hilir.
    5. Huma nyaeta tanah darat nu dipelakkan paré teu dikocoran cai tapi ngan saukur ngandelkeun cai hujan
    6. Jojontor nyaeta tanah nu nyodor ka cai, leuwih panjang ti batan tanjung.
    7. Kabuyutan nyaeta tempat anu dianggap karamat, patilasan jaman baheula.
    8. Kulah nyaeta balong leutik, tempat miara lauk, mangrupa cai ngemplang dina tanah beunang ngali.
    9. Padukuhan nyaeta padumukan nu jauh ti kota atawa sok disebut oge padusunan.

    Pelajari lebih lanjut

    • Ngaran patempatan https://brainly.co.id/tugas/4874810
    • Sawatara ngaran patempatan brainly.co.id/tugas/1522806
    • Ngaran patempatan lianna brainly.co.id/tugas/12789312

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : 2

    Mapel : Bahasa Sunda -Lingkungan Alam Sabuderan Urang

    Bab : 6

    Kode : 2.13.6

    Kata Kunci : Patempatan nyaeta

Pertanyaan Lainnya