larapkeun kecap panganteur Kana kalimah....!!!! bantu jawab besok dikumpulin!!!! tolong bantuin yang orang Sunda!!
Pertanyaan
bantu jawab besok dikumpulin!!!!
tolong bantuin yang orang Sunda!!
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Ngalarapkeun kecap panganteur kana kalimah nyaeta ngalarapkeun kecap saperti "gek diuk" kana hiji kalimah. Kecap "gek" teh disebut kecap panganteur pikeun kecap "diuk". Aya dua rupa kecap panganteur, nyaeta kecap panganteur pagawean jeung kecap panganteur kaayaan. Kecap "gek" dina "gek diuk" nyaeta conto kecap panganteur pagawean. Sedengkeun conto kecap panganteur kaayaan nyaeta saperti kecap "bray" dina "bray caang".
Pembahasan
Kecap panganteur bisa dilarapkeun dina kalimah anu ngagunakeun boh ragam basa hormat / lemes boh ragam basa loma. Di handap ieu nyaeta conto kalimah anu ngagunakeun kecap panganteur:
- Gek diuk, conto kalimahna "Sanggeus dititah asup ka imah Mang Udin teh gek diuk dina korsi" (kecap panganteur pagawean, ragam basa loma)
- Gek calik, conto kalimahna "Saatos dipiwarang lebet ka bumi Mang Udin teh gek calik dina korsi" (kecap panganteur pagawean, ragam basa hormat / lemes)
- Bray caang, conto kalimahna "Sanggeus jandelana di buka mah di kamar kuring teh jadi caang" (kecap panganteur kaayaan, ragam basa loma)
- Bray caang, conto kalimahna "Saatos jandelana di buka mah di kamar simkuring teh janten caang" (kecap panganteur kaayaan, ragam basa hormat / lemes)
Pelajari lebih lanjut
- Conto kalimah tina kecap panganteur pagawean https://brainly.co.id/tugas/7851741
- Conto kalimah tina kecap panganteur pagawean jeung kaayaan https://brainly.co.id/tugas/4818949
- Arti terekel dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/5087902
__________
Detil Jawaban
Kelas : III
Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Bab : 8
Kode : 3.13.8
Kata Kunci : Ngalarapkeun kecap panganteur kana kalimah